Jumat, 08 Juli 2011

NGAHANGKEUTKEUN ATIKAN KARAKTER


Ku : Asikin Hidayat


Dasar jeung Harti
Pasal 3 UU Nomer 20 Taun 2003 ngeunaan Sistem Atikan Nasional nyebutkeun yen atikan nasional fungsina keur ngamekarkeun kamampuh jeung ngabentuk karakter bangsa anu ngabogaan martabat dina raraga nyinger-pinterkeun kahirupan bangsa. Dumasar kana hal eta, Pamarentah nguarkeun pentingna atikan karakter pikeun ngahontal kahirupan bangsa anu beradab. Atikan karakter sacara implisit kaungel dina kalimah tujuan atikan nasional, nyaeta ngamekarkeun pamilon atikan (peserta didik) sangkan jadi manusa anu iman jeung takwa ka Pangeran Nu Maha Tunggal, mibanda ahlak hade, sehat, ngelmu, parigel, kreatif, macakal, sarta jadi warga nagara anu demokratis jeung tanggung jawab.
Sari pati utama tina diuarkeunana atikan karakter di sakola teh taya lian pikeun ngungkulan pangabutuh sumber daya manusa (SDM) anu nyukupan kana jumlah jeung kamampuanana, anu dina danget ayeuna geus teu bisa ditawar deui, komo mun seug dihubungkeun kana beuki santerna isu ngeunaan elmu pangaweruh jeung teknologi (IPTEK) jeung globalisasi. Ieu isu, upama henteu buru-buru, bakal ngabalukarkeun SDM anu aya hengker dina sagala widang. SDM anu hengker moal boga kamampuh pikeun maca kamajuan jaman sacara positif, malah bisa jadi salah tapsir, balukarna sasama komponen bangsa bakal silih suntrung. Hal ieu geus loba kacontoan, saperti ayana konflik politik, konflik sosial, jeung sajabana anu cara ngarengsekeunana henteu didasaran ku karakter bangsa beradab atawa bangsa anu ngelmu. Itu ieu pada-pada pengkuh dina pamadegan sorangan jangeun kapentingan sorangan jeung kelompokna, teu nolih kana kapentingan balarea.
Patali reujeung hal kasebut di luhur, tujuan atikan nasional maparin isarah yen atikan karakter kudu geus ngawitan dilaksanakeun di unggal tahapan sakola, ti SD nepi ka Paguron Luhur (Perguruan Tinggi). Hal ieu pakait jeung usaha ngabentuk karakter siswa/mahasiswa sangkan ngabogaan daya saing, etika, moral, sopan santun sarta bisa ngalaksanakeun interaksi jeung masarakat.
Ali Ibrahim Akbar (2000) ti Harvard University Amerika Serikat, kungsi nyieun panalungtikan sarta netelakeun yen kasuksesan hiji jalma henteu wungkul ditangtukeun ku pangaweruh jeung kamampuan teknis (hard skill), tapi leuwih dibalukarkeun ku kamampuan ngokolakeun diri sorangan jeung batur (soft skill). Ieu panalungtikan teh ngajentrekeun, yen 20 persen kasuksesan ditangtukeun ku hard skill sarta anu 80 persenna deui ditangtukeun ku soft skill. Malah jalma-jalma anu pangsuksesna di dunya leuwih loba didukung ku kamampuan soft skill tibatan hard skill. Hal ieu ngebrehkeun yen ngahangkeutkeun mutu atikan karakter siswa/mahasiswa kacida pentingna.
Karakter teh nyaeta ajen-inajen paripolah manusa anu pakait langsung jeung dzat Illahi Rabbi, diri sorangan, sasama manusa, lingkungan, jeung kabangsaan anu wujudna tembong dina pikiran, sikep, rasa, ucap, jeung paripolah dumasar kana norma-norma agama, hukum, tata krama, budaya, jeung adat istiadat. Sedengkeun atikan karakter nyaeta hiji sistem keur numuwuhkeun ajen-inajen karakter ka warga sakola anu ngawengku komponen pangaweruh, kasadaran atawa kadaek, sarta tindakan pikeun ngalaksanakeun ajen-inajen kasebut, boh keur Allah SWT, diri sorangan, sasama, lingkungan, atawa kabangsaan sangkan jadi manusa insan kamil. Dina atikan karakter di sakola, sakabeh komponen (stakeholders) kudu dilibetkeun, kaasup komponen-komponen atikan eta sorangan, nyaeta eusi kurikulum, proses pangajaran jeung evaluasi, kualitas hubungan, cara ngokolakeun kelas, sakola, aktivitas atawa kagiatan ko-kurikuler, sarana prasarana, biaya, jeung etos gawe sakabeh warga jeung lingkungan sakola.
Leupas tina sagala kakurangan dina praktek atikan di Indonesia, lamun ditingal tina jihad standar nasional pendidikan (SNP) anu jadi patokan pamekaran kurikulum (KTSP), jeung implementasi pangajaran sarta evaluasi di sakola, tujuan atikan di tingkat mana bae oge sawadina bisa dihontal kalawan lancar. Atikan karakter oge kaasup dina materi anu kudu diajarkeun jeung dipiboga sarta direalisasikeun ku murid dina kahirupan sapopoe. Ngan masalahna, atikan karakter di sakola salila ieu kakara nepi kana tingkatan ngawanohkeun norma atawa ajen-inajen, acan nepi kana tingkatan internalisasi jeung tindakan nyata dina kahirupan sapopoe.
Minangka tarekah pikeun ngaronjatkeun sinkronisasi jeung kualitas atikan karakter, Kementerian Pendidikan Nasional ngararancang grand design atikan karakter pikeun unggal jalur, tingkatan, jeung jenis lembaga atikan. Grand design jadi rujukan konseptual jeung operasional pamekaran, prak-prakan gawe, jeung evaluasi di unggal jalur jeung tingkatan lembaga atikan. Konfigurasi karakter dina konteks totalitas proses psikologis jeung sosial-kultural kasebut dipilah-pilah dina wangun : olah hate (spiritual and emotional development), olah pikir (intellectual development), olah raga jeung kinestetik (physical and kinestetic development), sarta olah rasa jeung karsa (affective and creativity development). Pamekaran jeung implementasi atikan karakter perlu dipigawe kalawan ngacu kana grand design kasebut.

Adumanis : Atikan Kulawarga jeung Atikan Sakola
UU No 20 Tahun 2003 ngeunaan Sistem Pendidikan Nasional Pasal 13 Ayat 1 nyebutkeun yen jalur atikan ngawengku atikan formal, nonformal, jeung informal anu bisa silih lengkepan. Atikan informal nyaeta jalur atikan kulawarga jeung lingkungan. Atikan informal ieu sabenerna ngabogaan kontribusi anu kacida gedena dina ngahontal tujuan atikan, sabab sanyatana murid leuwih loba ‘diajat’ di imah tibatan di sakola. Murid diajar di sakola dina jero sapoe teh ukur 7 jam, atawa kurang tina 30%. Saleuwihna (70%), murid ulukutek di lingkungan kulawarga jeung lingkungan sabudeureunana. Upama ditingal tina aspek kuantitas waktu, atikan di sakola mah ngan mere kontribusi 30% pikeun atikan murid. Ku kituna, sawadina atikan karakter oge dilaksanakeun di lingkungan kulawarga sangka tarekah anu dipigawe di sakola nyambung jeung kahirupan sapopoe boh di kulawarga boh di masarakat.
Hanjakalna, atikan di lingkungan kulawarga salila ieu acan maparin kontribusi anu munel dina ngadukung kahontalna kompetensi sumawona ngabentuk karakter budak. Teu bisa dipungkir, yen danget ayeuna loba kolot anu sibuk ku aktivitas pagawean sapopoe, nepi ka teu aya waktu pisan pikeun nalingakeun nu jadi anak di imah. Di sagedengeun eta, teu saeutik kolot anu teu ngarti cara ngatik ngadidik budak di lingkungan kulawarga, katambah ku pangaruh gaul jeung pangaruh media elektronik, bisa mere pangaruh negatif pikeun kamekaran prestasi budak di sakola. Salah sahiji alternatif pikeun ngungkulan masalah kasebut nyaeta liwat atikan karakter terpadu, nyaeta ngadumaniskeun jeung ngoptimalkeun kagiatan atikan informal lingkungan kulawarga jeung atikan formal di sakola. Dina hal ieu, waktu diajar murid di sakola perlu dioptimalkeun sangkan mutu hasil diajar bisa dihontal, utamana dina raraga ngabentuk karakter murid.
Atikan karakter dina prak-prakanana bisa diintegrasikeun dina pangajaran di kelas. Materi pangajaran anu aya kaitanana jeung norma atawa ajen-inajen dina unggal mata ajar perlu dikembangkeun, dieksplisitkeun, sarta dipakaitkeun kana konteks kahirupan sapopoe. Lantaran kitu, pangajaran ajen karakter henteu wungkul dina tataran kognitif, tapi oge ngawengku internalisasi jeung praktek nyata dina kahirupan sapopoe boh di kulawarga atawa di masarakat.
Media sejenna anu potensial pikeun ngabina karakter jeung ngaronjatkeun mutu akademik murid nyaeta kagiatan ekstrakurikuler. Ieu kagiatan teh minangka kagiatan atikan di luar mata pelajaran pikeun ngabantu ngembangkeun murid luyu jeung pangabutuh, potensi, bakat, jeung minat maranehna liwat kagiatan anu sacara khusus dilaksanakeun ku guru anu ngabogaan kamampuh dina widangna. Liwat kagiatan ekstra kurikuler dipiharep bisa ngembangkeun kamampuh jeung rasa tanggung jawab sosial, oge potensi jeung prestasi murid.
Atikan karakter di sakola oge pakait jeung manajemen sakola. Manajemen dimaksud nyaeta kumaha atikan karakter direncanakeun, dilaksanakeun, jeung diaping dina kagiatan-kagiatan atikan di sakola kalawan nyukupan kana sarat. Manajemen kasebut antarana bae ngawengku ajen-inajen anu perlu diajarkeun, muatan kurikulum, pangajaran, evaluasi, guru jeung tanaga kependidikan, sarta komponen sejenna. Lantaran kitu, manajemen sakola ngarupakeun salah sahiji media anu efektif pikeun atikan karakter di sakola.

Harepan
Atikan karakter sakuduna bisa mawa murid kana pangaweruh inajen sacara kognitif, nafakuran inajen sacara afektif, sarta ahirnya bisa ngalaksanakeun inajen tea dina kahirupan nyata. Masalah atikan karakter anu salila ieu aya di sakola perlu gancang diaji, alternatif solusina kudu gancang diteangan, sarta perlu dikembangkeun sacara leuwih operasional sangkan gampang diimplementasikeun di sakola.
Pikeun guru, atikan karakter sabenerna lain garapan anyar, sabab wujud atikan anu ngawengku etika, moral, jeun budi pekerti ti jaman kurikulum heubeul oge geus aya. Rambu-rambu anu diebrehkeun bedana henteu ganjor, malah eta-eta keneh. Masalahna, kari kumaha ngaplikasikeunana dina pangajaran sangkan atikan karakter anu dimaksud keuna kana sasaran. Sabab aya kalana, lantaran dianggap biasa, dina emprona kaluli-luli. Lantaran kitu, teu aya lepatna Bapa miwah Ibu Guru ngabaladah deui maca padika ngeunaan atikan karakter, sangkan dina prak-prakanana henteu melengkung bekas nyalahan!
Wallahualam, mugi-mugi!

Sumber bacaan utama :
1. Kemendiknas. 2010. Pembinaan Pendidikan Karakter di Sekolah Menengah Pertama. Jakarta.
2. Biantara Wamendiknas dina acara Rembuk Nasional di UPI Jakarta, 1 Juni 2010.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar