Rabu, 21 Oktober 2009

DEUDEUH TEUING DEGUNG

Hiji sawangan kahariwang

Kintunan : Lia Marliani


Lamun seug kulawarga nu boga hajat lain keluarga besar sarta teu satia caricing di pasamoan, boa manggung teh moal aya nu ngalalajoan. Tempat diuk nu disayagikeun ti isuk keneh kaeusianana ukur sageprakan, sabot acara walimahan bae. Beres walimahan mah bubar, kari korsi tingjarentul euweuh nu ngeusian. Pikeun kuring kaayaan kieu teh estuning ngurangan sumanget. Ngawih ge asa hoream, asa ngambang. Mangawihkeun saha? Korsi? Padahal harita jam sawelas oge can tutug, manggung panjang keneh lalakon. Turug-turug aya panitia hajatan anu hideng ngulunan korsi….. sumanget beuki tikusruk…!
Ongkoh kieu adatna di Talaga mah. Ramena nu ondangan teh kamari. Sedeng dina poe H mah ukur rame ku nu nganteur panganten lalaki jeung acara walimahan, sabada eta mah pasamoan teh parongpong. Jadi wayahna bae lamun manggung suwung nu lalajo. Mun seug teu inget ku butuh mah ti bareto ge sok hoream manggung di Talaga teh.
Manggung teh jadi teu puguh rasa, pikiran noroweco, nyasalah kaayaan, nyasalah sagala rupa. Jeungna karasa, degung anu baheula disebut seni agung, geus mimiti pada teu mikaresep. Komo lamun seug anu tampil basajan bae, bari jeung nabeuh asal kemprung. Cara ayeuna, manggung teh sasat ngasuh barudak sakola, murid-murid salah sahiji Madrasah Aliyah di Talaga, anu dina prakprakanana asal jadi. Sakapeung matak era, sabab koleksi nabeuh ukur catrik jeung kulu-kulu, embat sawilet anu geus ngabaku. Teu bisa dibawa improvisasi, komo mirig lagu-lagu wanda anyar anu komposisina mandiri…jajauheun. Kitu bae, ngawih teh lagu-lagu anu basajan anu bisa dipirig ku posisi tabeuh anu dua rupa eta ti isuk jeput nepi ka sore jeder! Pek, teu rek pikaboseneun kumaha?
Bisa bae asal kemprung jadi alesan degung jeung seni Sunda lianna pada naringgalkeun. Da geuning lain ukur anu digawean ku barudak sakola, anu sasat pangaweruhna terbatas, dalah anu digawean ku masarakat (seni) oge teu kurang anu asal jadi. Dapon ngahasilkeun duit, der bae dilakonan bari jeung teu ngajen kana performance. Basa bubar panggung jam tilu sore, pagawean dianggap sukses, babagi amplop, beres weh! Teu kapikir balukarna, yen isuk jeung poe-poe saterusna kasenian teh euweuh deui nu nanggap…
Dina hiji gempungan, Mang Engkus, hiji inohong kasenian degung di Majalengka kungsi ngebrehkeun, yen lamun degung hayang tetep dipiwanoh jeung dipikaresep ku masarakat, kudu ditarekahan ku jalan nyieun kreasi anu hade. Kumaha carana sangkan degung leuwih narik jadi bahan hiburan. Geus dicontoan cenah ku urang Bandung, degung teh dikreasikeun make intro-intro nu hade, gelenyuna matak pogot nu ngabandungan. Musik degung jadi leuwih dinamis, komo dibarengan ku waditra kacapi bari jeung nu nyulingna hade.
Ku kuring kaharti, Mang Engkus nyarita kitu teh lantaran kasaksian yen di Majalengka loba grup kasenian anu tampilna padu bae. Dina prungna nabeuh karasa cawerang, bujeng-bujeng dieuyeuban kacapi, dalah nu nyuling oge dapon disada. Teu munasabah lamun saterusna loba grup kasenian degung anu rup-reup pareum ku maneh.
Masih keneh kacatet dina pikiran kuring, sapuluh taunan ka tukang meh di unggal kacamatan di Kabupaten Majalengka aya grup kasenian degung, pangpangna di lingkungan pendidik atawa guru. Nu kawilang nyongcolang teh harita di antarana bae Ligar Kania ti Kadipaten; Dewi Rengganis jeung Gambit Anom ti Majalengka; Manik Mekar Saputra ti Cigasong; Kania Setra ti Maja; Talaga Ligar ti Talaga, jrrd. Di unggal sakola, guru-guru anu boga pangaweruh kana seni karawitan, ngamekarkeun degung di lingkungan sakola, ti SD, SMP, nepi ka SMA. Di sababaraha instansi, contona di PU Pengairan, ibu-ibuna ngayakeun latihan degung, sakapeung osok manggung. Euyeub, resep. Pangpangna pikeun kuring anu bisa ngawih, ku itu ku ieu pada ngondang, pada hayang disindenan. Hasilna mucekil… nepi ka bisa dipake modal kawin…!
Lus-lesna grup-grup kasenian degung karasa jeung kasaksian. Aya anu masih keneh ngeureuyeuh, najan ukur bulan kali atawa taun kali, aya nu reup pisan nepi ka hanteuna. Loba gamelan degung anu jadi bangkarak, untungna teh aya anu kungsi dijual heula, najan saterusna teu kapaluruh naha ku nu meulina dipake atawa terus jadi bangkarak deui. Aya anu gamelanana dipusti-pusti, manggungna tara. Cara di pendopo Kabupaten, aya gamelan degung perunggu hade pisan : ukur jadi papaes! Jaga gengsi ulah teuing disebut teu nyunda! Watir, enyaan watir. Mun pareng amprok jeung mantan-mantan pamaen degung, di jalan atawa di mana bae, kasenian degung anu bareto ceuyah jeung jadi kareueus, ayeuna ukur jadi panineungan. Ukur jadi bukur catur yen kapungkur kantos manggung sareng Ibu, reseeep teh…..
Teu rek ngaleuleungit, ayeuna oge masih keneh sok aya nu ngogan dipangnyindenankeun. Hiji dua, bisa diitung ku ramo. Kitu oge grup-grup kasenian anu ngasuhna konsisten ngagarap degung. Di sababaraha sakola anu ngabogaan guru seni karawitan, masih keneh aya ekstrakurikuler ngadegung, bari jeung pamilonna teu loba cara ekstrakurikuler widang sejenna. Nu hirup di sakola-sakola ieu oge teu loba anu manggung ka luar, ukur keur kaperluan kurikuler, manggung teh sataun sakali dina acara kenaikan kelas, mapag tamu atawa upacara adat paturay tineung.
Nu kabandungan ayeuna, grup degung anu masih aya di masarakat, hirupna kawas dirungrum kabingung. Maju kumaha mundur kumaha. Komo ayeuna hiburan teh keur ceuyah ku musik elektone, organ tunggal. Kasenian degung beuki kasedekkeun ka juru nu pangjuruna. Mun aya anu butuh upacara mapag panganten, kakara tah grup degung tampil, kitu ge beres upacara mah kukulun, balik miheulaan. Ka dituna hiburan diteruskeun ku organ tunggal tea.
Bawaning ku bingung jeung hayang tetep hirup, aya di antarana anu nyoba-nyoba survive ku jalan ngeuyeuban waditra degung ku alat musik diatonis, kayaning hitar jeung sapuratina. Malah aya nu ngahaja mawa alat musik elektone. Lucu, da geuning dina prakprakanana mah bet jadi numpang, malah degungna mah kalindih, sabab nu menta lagu karereanana lagu dangdut, lain lagu degung. Ka lagu degung ge geus loba nu teu apaleun judul-judulna acan!
Sanajan asal kemprung, sanajan pangaweruh terbatas, kuring tetep ngajenan kana kakeyeng guru-guru Madrasah Aliyah Talaga, anu sacara konsisten ngasuh barudak nepi ka parigel nabeuh najan ukur catrik jeung kulu-kulu. Teu deuk ditempo situasi jeung kondisi, teu deuk dipikiran korsi pasamoan nu dikulunan, teu deuk ditempo sabaraha kuring dibayar! Nu teges, na ieu hate tumuwuh kareueus, yen kasenin degung masih keneh aya nu mileuleuheungkeun, najan jumlahna ukur hiji dua!
Minangka lagu pamungkas, kuring ngahaleuangkeun lagu Kasenian yasana Mang Koko.

Kasenian miwanda kreasi anyar
Mindeng kamalinaan kuma ceuk ramena pasar
Lagam India senggol Malaya
Dicampur disusun dipirig gamelan Sunda

Sakapeung diibingan, sakapeung dijogedan
Kawih Sunda nyanding musik,
Kawih musik ku gamelan
Pelog jeung salendro nyirorot kurang pasaran

Nu mirig tingparinguk, teu apaleun posisi Bungur. Reres lagu, kuring teu sadar yen korsi di pasamoan geus beres dientep luhureun mobil kol gundul.
Deudeuh teuing degung…. Saha atuh nu lepat…?---


Parungasih, September 2006

Selasa, 01 September 2009

SISINDIRAN

NASKAH SISINDIRAN :

  1. Ti batan ningal halimun

Mending ningal kikinciran

Ti batan urang ngalamun

Mending urang sisindiran

  1. Kikinciran kikinciran

Kincir nangoh di buruan

Sisindiran sisindiran

Sindir anggoeun hiburan

  1. Sate kambing make kuah

Angeun tamplok bahe kabeh

hate abdi mani bungah

peunteun rapot alus kabeh

  1. Cikamurang Jatijajar

Ka Sayati tumpak skuter

Mun urang rajin diajar

Pasti urang bakal pinter

  1. Calingcing meunang sakati

Waregu wadahna nyiru

Cirining budak berbakti

Ngagugu kolot jeung guru

  1. Ka Cibadak make blujin

Di Sumedang meuli bola

Yeuh abdi budak nu rajin

Memeh hudang geus sakola

  1. Kasokandel Tarikolot

Sapunyere make bola

Sok sebel ka bapa kolot

Tara mere bekel sakola

  1. Jatisari Tarikolot

Angeun lompong dibatuan

Hayang seuri ka Ema Kolot

Keur ompong, euweuh huntuan

  1. Lamun hayang angeun kaktus

Wadahan kana nyiruna

Lamun hayang peunteun alus

Bogohan ibu guruna

  1. Balong saat loba kuya

Ka jamban rek neang nilem

Coba lihat wajah saya

Tampan bagai bintang pilem

  1. Ka Cimande ka Cijurey

Incuing leungit halisna

Murid SDN Cijurey

Sim kuring nu panggeulisna

  1. Ka alun rek neang delman

Meuli kaset make kudung

Kayungyun ku Bapa Dudung

Keur kasep ageung etana

  1. Daun puring jambu mede

Daun leutik amis mata

Mun kuring engke geus gede

Rek dilipstik nepi ka mata

  1. Daun puring jambu mede

Kacang buncis dina kulah

Mun kuring engke geus gede

Hayang geulis persis Bu Ilah

  1. Ka Gombong ka Haurgeulis

Tarikolot loba angkot

Ulah sombong pedah geulis

Geus kolot pasti pareot

  1. Daun puring jambu mede

Nu pentil rek digulaan

Mun kuring engke geus gede

Rek centil jiga Bu Aan

  1. Kini-kini kuang-kuang

Digoreng tutung bukurna

Nini-nini teu bisa hudang

Sihoreng bisul bujurna

  1. Kaliki jadi di empang

Ditotog ku kai batok

Aki-aki teu bisa leumpang

Tipantog ku tai kotok

  1. Jatiserang Dukuhwarung

Jalan goreng mobil miring

Nu herang na tungtung irung

Sihoreng korong can garing

  1. Ngala kuntung dina kenteng

Neundeun kentang dina gentong

Hayang untung bari enteng

Boga hutang bayar entong

Jumat, 27 Februari 2009

NYAWANG SAJARAH MAJALENGKA

Kasang Tukang

Fuad Hassan (1991) netelakeun, yen sajarah teh manifestasi has manusiawi. Ngawanohkeun sajarah mangrupa kanyataan manusiawi anu bisa disalusur ti saprak manusa anu pangmimitina gelar ka alam sunya, salila dina mangsa lumangsungna aya manusa eta aya tapak anu bisa dipake bukti. Sakumaha leutikna skala hiji sajarah, kudu dibuktikeun ku pakta anu ngadukung, sangkan wujud sajarah anu disodorkeun ka balarea bisa 'dipertanggungjawabkan'.

Sangkan manifestasi has manusiawi kasebut bisa kaharti, saeutikna aya opat jejer dina pamahaman sajarah anu kudu jadi cekelan :

1. Pamahaman pakta dina sajarah anu didadasaran ku pamikiran anu logis;
2. Interpretasi ngeunaan pakta, ku cara ngagawean panalungtikan kritis kana sajarah;
3. Ngarengsekeun masalah mangsa kiwari liwat sajarah, ku cara nyokot hiikmah tina kajadian anu karandapan mangsa bihari;
4. Ngalarapkeun masalah mangsa kiwari mangrupa aspek-aspek rarancang mangsa hareup saluyu jerung anu dipiharep.

Ku lantaran kitu, peranan sajarah dina kahirupan henteu ukur pikeun nostalgia, tapi bisa maparin refleksi kahirupan di mangsa nu rek datang. Sajarah memang geus ngungkab hiji hal anu karandapan mangsa bihari, ngan henteu sakabeh realitas anu geus ilangbina mangsa bareto sarua ajen jeung hartina pikeun dipikawanoh di mangsa hareup. Ajen jeung harti henteu dipaparinkeun bareng sapada harita liwat realitas mangsa bareto, tapi ajen jeung harti eta dibikeun pikeun realitas eta sorangan. Hartina kieu, realitas teh henteu ujug-ujug ngabogaan ajen jeung harti, tapi sabalikna, manehna ajeg ku lantaran dipaparin ajen jeung harti.

Kanyataan di luhur urang luyukeun jeung sajarah Majalengka anu ceuk sabagian pihak geus jinek jadi sajarah anu maneuh, sajarah anu bisa ditarima ku balarea. Unggal taun, unggal tepung tanggal 7 Juni, ti saprak sajarah harita ditawis ku Bupati sarta disaluyuan ku DPRD taun 1981, sok diayakeun acara mieling sajarah Majalengka. Malah ieu acara pangeling-ngeling teh nepi ka kiwari masih keneh lumangsung. Naha enya sajarah Majalengka geus rengse?

Pikeun aranjeunna anu harita ilubiung dina panyalusuran sajarah Majalengka anu dimimitian taun 1974 jaman Bupati R. Saleh Sediana anu diteruskeun ku tim 21 (sabab anggota anu nyusunna aya 21 urang) jaman Bupati H. Moch. S. Paindra taun 1981, tangtu kacindekan yen sajarah Majalengka bisa bae dianggap rengse. Ieu teh gawe badag, anu teu bisa dimomorekeun kitu bae. Nu matak basa tanggal 28 Nopember 2002 dilaksanakeun seminar sapoe kaji ulang sajarah Majalengka, aranjeunna mah condong ka teu panuju. Seminar teh gagal total, ngabuntut bangkong. Padahal harita Pemda Majalengka geus nyayagikeun waragad anu kacida gedena.

Tilu taun ti saprak harita, teu kapireng deui tarekah kaji ulang sajarah Majalengka. Duka masih keneh trauma pedah basa taun 2002 harita panitia kaji ulang pada ngarempug, duka mandeg rek dianggap rengse. Henteu kitu geuning. Sababaraha pamanggih, boh dina wangun tulisan atawa wangkongan biasa, ngebrehkeun yen sajarah Majalengka can anggeus. Masih keneh aya anu kudu dibebenah, pangpangna anu aya patula-patali jeung pakta sajarah. Yen sajarah Majalengka dugi ka danget ayeuna henteu pisan didukung ku data jeung pakta anu nyata jeung bisa ditanggel waler sacara ilmiah. Friksi sarupa kieu beuki rekah, sabab masrakat Majalengka beuki dieu beuki beunta. Beuki loba nonoman, para pamikir ngora anu ngabogaan pikiran kritis ngeunaan sajarah daerahna sorangan.

Apan ceuk Rahmat Iskandar (2002) oge, sajarah dibaca lain keur dibaca. Pihartieunana, sajarah lain bacaeun alakadarna, tapi bacaeun pikiraneun. Sajarah henteu mandeg dina realitas anu angger, sabab inyana ngalaman barobah sapagodos jeung barobahna jaman. Inget, bujeng-bujeng sajarah Majalengka anu ukur titik leutik tina badagna ambahan Indonesia, dalah sajarah nasional oge ngalaman adu benyeng kapentingan.

Friksi anu ngajaul babakuna ditangtang ku kanyataan yen Majalengka henteu napak dina rasionalitas kasajarahan. Ngadegna ngaran Majalengka ukur kaluar tina kirata (kira-kira anu nyata). Malah ku anu nyarusunna, Majalengka teh diawalan ku nyebarna dongeng rahayat anu sumebar di mana-mana, anu dina kanyataan ilmiah teu bisa diasupkeun kana kategori sajarah. Numutkeun Dadan Wildan (2005) loba sumber anu bisa dipake cekelan pikeun nulis sajarah Majalengka, di antarana dina naskah-naskah kuno, ngan kabehanan masih keneh diwarnaan ku aspek-aspek fiksional, legendaris, mitologis, jeung a-historis. Jadi teu jelas gambaran historisna.

Lamun kitu, naon anu buisa dipake eunteung atawa bisa dipake cekelan pikeun ngararancang pilampaheun mangsa hareup, lamun realitas mangsa bihari henteu puguh alang ujurna.

Majae Langka

Sajarah Majalengka anu masih keneh jadi cekelan nepi ka ayeuna nyaeta anu dumasar kana Surat Keputusan Kepala Daerah Tk. II Majalengka tanggal 7 April 1981 No. 64.KS.042/VI/SK/1981 anu disampurnakeun deui ku Surat Keputusan Bupati Kepala Daerah Tk. II Majalengka tanggal 1 September 1992, No. 003.3/SK.323-HUK/92, ngeunaan panyalusuran ulang sajarah Majalengka dina raraga ngalengkepan data kasajarahanana.

Hasil tina panalungtikan harita disusun dina buku make warna jilid biru (saterusna ku para inohong disarebut buku biru), netelakeun yen kecap Majalengka muasalna tina majae langka. Ieu kecap teh digorowokkeun ku rahayat Sindangkasih mangsa karajaan katut rajana mebes kana jero taneuh.

Kajadian eta diawalan nalika Nyi Rambutkasih kasumpingan hiji utusan ti Cirebon anu ngaranna Pangeran Muhammad. Si utusan ngeceskeun maksudna, pangna datang ka Sindangkasih nyaeta seja neangan ubar pikeun ngungkulan sasalad panyakit anu keur tumiba ka rahayat Cirebon. Salian ti eta, Pangeran Muhammad oge boga niat ngislamkeun rahayat Sindangkasih. Hanjakal, Nyi Rambutkasih jeung Pangeran Muhammad salah harti, nepi ka Nyi Rambutkasih keukeuh teu mikeun tangkal maja anu dipenta ku Pangeran Muhammad.

Samemehna, Pangeran Muhammad geus ngawin mojang Sindangkasih, nyaeta Siti Armilah. Padahal barang breh ningali Pangeran Muhammad, Nyi Rambutkasih teh aya hate kadua leutik alias bogoheun. Ku lantaran kitu, ti batan bogoh teu laksana, Nyi Rambutkasih leuwih milih ngaleungit asup ka jero bumi bari sakalian mawa sakabeh tangkal maja anu aya di dinya. Nyeueung kitu, rahayat Sindangkasih patinggorowok : "Majae langka! Majae langka!"

Lian ti eta, carita versi sejenna ngebrehkeun hal anu rada beda. Yen cenah kecap majalengka teh asalna tina madya langka. Hal ieu diawalan ku ayana dua jalma anu ngaran Sunan Jabung jeung Endang Capang anu duanana arembung asup Islam jadi buronan tentara Mataram. Ku lantaran teu hayang bentrok jeung hulubalang Mataram, ahirna ieu dua jalma teh milih ngahiang sarta ninggalkeun patilasan. Mangkunegara, salah saurang hulubalang Mataram anu teu bisa manggihan di mana ayana Sunan Jabung jeung Endang Capang, nyebutna teh madya langka, anu pihartieunana prajurit anu leungit.

Aya deui carita dina versi nu lian, sakumaha dijentrekeun ku Dadan Wildan (2005), yen cenah Nyi Rambutkasih atawa Nyi Gedeng Badori, atawa anu oge disebut Ambetkasih atawa Ngabetkasih teh nyaeta putri geulis anu asalna ti Mataram. Harita anjeunna lalagasan, sarta nuju aya dina perjalanan ka Sumedangkeun. Pirajeunan, anjeunna melak tangkal maja di sapanjang jalan, sarta cicing di hiji tempat anu dingaranan Sindangkasih. Di Sindangkasih teh anjeunna dibaturan ku wadyabaladna nepi ka mulan-malen, malah nepi ka mangtaun-taun. Hiji mangsa sumping utusan ti Cirebon anu balaka menta tangkal maja pikeun obat malaria anu nerekab di Cirebon. Teu ku hanteu, Nyi Rambutkasih bet jorojoy bogoh ka eta utusan. Ngan ku lantaran si utusan geus boga kulawarga, si utusan teh nolak pikeun jadi salaki Nyi Rambutkasih. Puguh bae Nyi Rambutkasih ambek lain dikieuna. Tangkal maja anu rajeg teh di dicacagan nepi ka teu nyesa hiji-hiji acan. Tina kajadian eta, kaluar kecap maja langka (maja nu leungit).

Ka behdieunakeun, kawasna pikeun ngungkulan sarat kasajarahan, kecap-kecap mebes ka jero bumi, ngahiang atawa ngaleungit teh teu dipake. Anu aya teh kecap ninggalkeun. Ieu kecap bisa bae pihartieunana Nyi Rambutkasih kabur ti karajaan sarta tangkal maja ditaluaran ku rahayatna anu satia. Bisa bae ieu statement dikaluarkeun, tapi kabehanana kudu didukung ku pakta, ulah dapon engab.

Saperti anu kaungel dina tulisan E. Wangsadihardja (2002), yen ngaran Sindangkasih bisa dipastikeun dicokot tina Mandala Sindangkasih anu harita dicangking ku Ki Ageng Surawijaya atawa Ki Gedeng Sindangkasih. Anjeunna kagungan putra anu namina Nyi Gedeng Rambutkasih atawa Nyi Gedeng Sindangkasih atawa oge Nyi Ambetkasih. Nyi Rambutkasih ngadegkeunhiji karajaan leutik anu ngagem agama Hindu nyaeta Sindangkasih.

Ceuk dongeng rahayat, Rambutkasih teh hiji wanoja anu leber wawanen, geulis kwawanti-wanti endah kabina-bina. Buukna panjang ngagebay, boga sipat adil wijaksana sarta waspada permana tingal. Ku lantaran kitu, Prabu Siliwangi oge bogoheun sarta terus dikawin dina taun 1482. Saterusna Nyi Rambutkasih ninggalkeun Sindangkasih, nuturkeun carogena ka Karajaan Pakuan Pajajaran. Harita teh pas pisan sabada ditemonan ku Pangeran Muhammad jeung Pangeran Panjunan ti Cirebon. Ieu kajadian lumangsung dina taun 1490, sakaligus mangsa harita kakawasaan Sindangkasih pindah leungeun ti Nyi Rambutkasih ka Pangeran Muhammad.

Pangeran Muhammad

Kalawan lantip, Rahmat Iskandar (2002) ngungkab saha ari Pangeran Muhammad sabenerna. Munculna Pangeran Muhammad dina sajarah Majalengka lain hartina sajarah Majalengka napak dina realitas sajarah anu jinek. Sabab saterusna kalah timbul patalekan ti sababaraha pihak : "Muhammad anu mana?"

Pikeun nyalusur saha ari Pangeran Muhammad, Rahmat Iskandar nyieun babandingan jeung sababaraha sumber anu bisa dipake cekelan, di antarana Carita Purwaka Caruban Nagari (Pangeran Arya Cirebon), Pustaka Negara Kertabhumi, Carita Parahyangan Sargah 4, Pustaka Paratwan I, Bhumi Jawa Kulwan, Kitab Waruga Jagat jeung Babad Walangsungsang (kabehanana ditulis ku Pangeran Wangsakerta). Ditambah ku buku (Pangeran Sulendraningrat) jeung Babad Tanah Sumedang (RAA Martanegara). Salian ti eta, dibandingkeun oge jeung hasil panyalusuran Hj. R. Nina Lubis jeung Edi S. Ekadjati ngeunaan Sumedang jeung Kuningan.

Tina sababaraha sumber anu ditalungtik ku Rahmat Iskandar di luhur, bisa dicindekkeun yen Pangeran Muhammad teh nyaeta Pangeran Palakaran atawa Pangeran Pemelekaran. Pangeran Palakaran kagungan putra, nyaeta Pangeran Santri di Sumedang, sarta Pangeran Santri kagungan putra nyaeta Pangeran Geusan Ulun. Anapon Majalengka, dina sumber-sumber di luhur henteu loba, malah henteu pisan disebut-sebut. Wewengkon Majalengka ukur aya kasebut dina wawacan Bupati Bandung taun 1921, anu netelakeun yen ieu wewengkon teh dijadikeun iwad talaq Geusan Ulun ka Ratu Hatisbaya. Wewengkon Majalengka dipasrahkeun ka Raja Cirebon, Panembahan Girilaya.

Patilasan Pangeran Muhammad kiwari bisa ditingal di Gunung Margatapa. Di dinya aya makam anu dipastikeun eta teh makam Pangeran Muhammad, ramana Pangeran Santri, akina Geusan Ulun.

Teu ku hanteu, jol teh tulisan Sudono (2002) anu netelakeun yen makam di Margatapa teh cenah lain makam Pangeran Muhammad anu namina Pangeran Palakaran. Anu dikurebkeun di dinya boa Muhammad anu sejen, anu sama sakali teu aya hubunganana jeung Pangeran Santri jeung atawa Geusan Ulan. Bukti anu diebrehkeun ku Sudono nyaeta salembar kulit anu euwina surat pusaka anu ditawis ku Kyai Raden Iman Hukum, Hakim Kanoman, Cirebon. t\Titimangsana kaungel 18 Muharam Tun Jim ahir 1215 H atawa 1794 M. Eusi surat nyaetasual pancen kuncen ka Saroppudin, Nurqo'im jeung Muhammad Hafidz, anu unggal malem Jumaah bagilir tugas di Karaton Cirebon. Kakocap, ieu tilu kuncen teh diprovokasi ku rahayat Desa Sindangkasih. Ku lantaran ngarasa teu tahan, aranjeunna nyungsikeun diri ka hiji tempat anu ngaranna kaya tapane tor (kawas tapa anu husu). Hartina hiji tempat pikeun ningtrimkeun diri. Ku naon ieu tempat teh disebutna Margatapa? Naha anu dikurebkeun di Margatapa teh Muhammad Hafidz, sanes Pangeran Muhammad sakumaha anu leuwih tiheula dipercaya?

Proyeksi

Kawasna, urang henteu bisa terus ngagugulung hiji kayakinan anu salila ieu jadi cekelan. Ku ayana carita-carita anu memper-memper kana a-historis jeung data-data (bujeng-bujeng primer, dalah sekunder oge duka) anu teu otentik, tumuwuh hiji kawajiban pikeun sakumna masrakat Majalengka keur babarengan ngancokeun perhatian kana sajarah daerahna sorangan. Para inohong (anu harita ngiring jabung tumalapung nyarungsum sajarah Majalengka), ulah ngoretkeun teuing kana kamungkinan tumuwuhna pamanggih anyar.

Pikeun ieu hal, Pamarentah Daerah ngaliwatan Kantor Budaya & Pariwisata majalengka, naratas jalan keur ngawujudkeun sajarah Majalengka anu maneuh sarta didukung ku data-data anu otentik. Dina taun 2005 kaliwat, Hj. R Nina Lubis saparakanca Masyarakat Sejarawan Indonesia Balai Kajian Sejarah dan Nilai Tradisional Bandung, ngaalpukahan nyarungsum sajarah Majalengka.

Tapi.....

Naha nya tepi ka danget ayeuna eta sajarah nu dimaksud teh nu daek bae medal? Naha Nina Lubis saparakanca teu puruneun, atanapi Pemda Majalengka anu teu mirosea...?

Duka tah...!

Selasa, 24 Februari 2009

PUISI SUNDA BUHUN

JANGJAWOKAN

Baheula mah jangjawokan teh sering dipake sarta fungsina sarua jeung parancah atawa do'a. Ayeuna mah geus tara aya nu make. Tapi kawasna alus lamun urang terang bungkeuleukanana. Lain keur ngahirupkeun deui. Ieu mah sakadar ngaguar pakaya anu lila tilem, bahan pangaweruh.

Jangjawokan Kilah Kaprabuan
Ieu jangjawokan baheua dibaraca/dipapatkeun sangkan pamingpin gede wibawana.

Ma'taing katalama sung prabuan
inya artata wung ling'ga ingkanan
estu natala estu natala
sing kabeh ka kama
ka kama 'irta kalla ima' ima
kallama asih rangtakun
nga'antup sing ukur
kama 'irta prabuan

Jangjawokan Nyaliara Beubeureuh
(Jampe Pamelet)

Beubeureuh katineung
batu pacacar katinggang cai
Heur! Nyalangsakan ti puncak gunung
Palapar tepung na panon poe
Bebene ticangreud
Cangreudna paparuguh
geuning wanoh kuring si gagah
si gagah si menak si asih pating harayu
harayu mulih kanu sing ati
hurung pahoyong geugeut ka kuring
geugeut ka kuring

si raray bengray
yeuh nu genclang
yeuh nu caang
yeuh nu silar
nu genclang tur herang
nyurup papas ka panenjo
nu caang tur gumilang
nyecep papas ka pangrupa

Nu silar tur tumanenah
talar na wujud
wujud pangestu
mieling anjeun nu anjeun
nu anjeun ka Dewi Putri ngalanglayung
si raray bengray.

Minggu, 22 Februari 2009

Mikawanoh Pupuh

Saulas Ngeunaan Pupuh

Pupuh teh minangka pakaya budaya Sunda anu kudu dimumule. Kaayeunakeun geus rea anu teu wanoh jeung pupuh. Geura urang tataan.

Wujudna dina wangun dangding Sekar Irama Merdika, hartina dangding anu henteu kauger ku wirahma embat anu tetap atawa ajeg. Sabalikna tina Sekar Tandak nyaeta dangding anu kauger ku embat anu jinek. Sanajan kitu, pupuh henteu sagemblengna bebas tina wirahma, sabab aya sababaraha ugeran sejen anu ngawengkuna. Contona di handap ieu :

Guru Wilangan ; nyaeta jumlah engang dina unggal padalisan anu geus jinek, teu meunang kurang teu meunang leueih sabab jumlahna geus ditangtukeun.

Guru Lagu ; nyaeta sora engang panungtung anu geus ditangtukan ayana dina unggal pupuh.

Watek ; nya eta sipat anu dipiboga ku masing-masing pupuh. Sapertina bae, pupuh kinanti ngagambarkeun watek nganti jeung prihatin, durma ngagambarkeun kaambek, jeung saterusna.

Ari jumlah pupuh nu aya di tatar Sunda aya 17, antarana bae :

1. Pupuh Kinanti
2. pupuh Sinom
3. Pupuh Asmarandana
4. Pupuh Dangdanggula.

Ieu pupuh anu kaebut di luhur teh disebutna Sekar Ageung. Pupuh anu opat ieu sering pisan dihaleuangkeun jeung leuwih dipikawanoh batan pupuh sejenna anu kaasup kana Sekar Alit.

Dupi pupuh Sekar Alit antarana nya eta ;

1. Pupuh Maskumambang
2. Pupuh Pucung
3. Pupuh Magatru
4. Pupuh Ladrang
5. Pupuh Lambang
6. Pupuh Mijil
7. Pupuh Wirangrong
8. Pupuh Gurisa
9. Pupuh Jurudemung
10. Pupuh Gambuh
11. Pupuh Pangkur
12. Pupuh Durma
13. Pupuh Balakbak

Ieu di handap conto sababaraha Pupuh anu geus loba dipiwanoh ku urang Sunda.

PUPUH KINANTI

Eta naon nu ngahiung
suat-siet henteu cicing
ngawang-ngawang kawas heulang
Muter karalang-kuriling
Sihoreng gambar nu urang
Kapal Udara ngalingling

PUPUH MASKUMAMBANG

Itu kusir bangun ambek-ambek teuing
turun tina delman
kuda dipecutan tarik
teu aya pisan rasrasan

PUPUH PUCUNG

Hayu batur urang diajar sing suhud
ulah lalawora
bisi engke henteu naek
batur seuri urang sumegruk nalangsa

Sakitu bae heula pedaran ngeunaan pupuh. Engke urang teruskeun deui.

(Diposting ku Asikin Hidayat)