Rabu, 21 Oktober 2009

DEUDEUH TEUING DEGUNG

Hiji sawangan kahariwang

Kintunan : Lia Marliani


Lamun seug kulawarga nu boga hajat lain keluarga besar sarta teu satia caricing di pasamoan, boa manggung teh moal aya nu ngalalajoan. Tempat diuk nu disayagikeun ti isuk keneh kaeusianana ukur sageprakan, sabot acara walimahan bae. Beres walimahan mah bubar, kari korsi tingjarentul euweuh nu ngeusian. Pikeun kuring kaayaan kieu teh estuning ngurangan sumanget. Ngawih ge asa hoream, asa ngambang. Mangawihkeun saha? Korsi? Padahal harita jam sawelas oge can tutug, manggung panjang keneh lalakon. Turug-turug aya panitia hajatan anu hideng ngulunan korsi….. sumanget beuki tikusruk…!
Ongkoh kieu adatna di Talaga mah. Ramena nu ondangan teh kamari. Sedeng dina poe H mah ukur rame ku nu nganteur panganten lalaki jeung acara walimahan, sabada eta mah pasamoan teh parongpong. Jadi wayahna bae lamun manggung suwung nu lalajo. Mun seug teu inget ku butuh mah ti bareto ge sok hoream manggung di Talaga teh.
Manggung teh jadi teu puguh rasa, pikiran noroweco, nyasalah kaayaan, nyasalah sagala rupa. Jeungna karasa, degung anu baheula disebut seni agung, geus mimiti pada teu mikaresep. Komo lamun seug anu tampil basajan bae, bari jeung nabeuh asal kemprung. Cara ayeuna, manggung teh sasat ngasuh barudak sakola, murid-murid salah sahiji Madrasah Aliyah di Talaga, anu dina prakprakanana asal jadi. Sakapeung matak era, sabab koleksi nabeuh ukur catrik jeung kulu-kulu, embat sawilet anu geus ngabaku. Teu bisa dibawa improvisasi, komo mirig lagu-lagu wanda anyar anu komposisina mandiri…jajauheun. Kitu bae, ngawih teh lagu-lagu anu basajan anu bisa dipirig ku posisi tabeuh anu dua rupa eta ti isuk jeput nepi ka sore jeder! Pek, teu rek pikaboseneun kumaha?
Bisa bae asal kemprung jadi alesan degung jeung seni Sunda lianna pada naringgalkeun. Da geuning lain ukur anu digawean ku barudak sakola, anu sasat pangaweruhna terbatas, dalah anu digawean ku masarakat (seni) oge teu kurang anu asal jadi. Dapon ngahasilkeun duit, der bae dilakonan bari jeung teu ngajen kana performance. Basa bubar panggung jam tilu sore, pagawean dianggap sukses, babagi amplop, beres weh! Teu kapikir balukarna, yen isuk jeung poe-poe saterusna kasenian teh euweuh deui nu nanggap…
Dina hiji gempungan, Mang Engkus, hiji inohong kasenian degung di Majalengka kungsi ngebrehkeun, yen lamun degung hayang tetep dipiwanoh jeung dipikaresep ku masarakat, kudu ditarekahan ku jalan nyieun kreasi anu hade. Kumaha carana sangkan degung leuwih narik jadi bahan hiburan. Geus dicontoan cenah ku urang Bandung, degung teh dikreasikeun make intro-intro nu hade, gelenyuna matak pogot nu ngabandungan. Musik degung jadi leuwih dinamis, komo dibarengan ku waditra kacapi bari jeung nu nyulingna hade.
Ku kuring kaharti, Mang Engkus nyarita kitu teh lantaran kasaksian yen di Majalengka loba grup kasenian anu tampilna padu bae. Dina prungna nabeuh karasa cawerang, bujeng-bujeng dieuyeuban kacapi, dalah nu nyuling oge dapon disada. Teu munasabah lamun saterusna loba grup kasenian degung anu rup-reup pareum ku maneh.
Masih keneh kacatet dina pikiran kuring, sapuluh taunan ka tukang meh di unggal kacamatan di Kabupaten Majalengka aya grup kasenian degung, pangpangna di lingkungan pendidik atawa guru. Nu kawilang nyongcolang teh harita di antarana bae Ligar Kania ti Kadipaten; Dewi Rengganis jeung Gambit Anom ti Majalengka; Manik Mekar Saputra ti Cigasong; Kania Setra ti Maja; Talaga Ligar ti Talaga, jrrd. Di unggal sakola, guru-guru anu boga pangaweruh kana seni karawitan, ngamekarkeun degung di lingkungan sakola, ti SD, SMP, nepi ka SMA. Di sababaraha instansi, contona di PU Pengairan, ibu-ibuna ngayakeun latihan degung, sakapeung osok manggung. Euyeub, resep. Pangpangna pikeun kuring anu bisa ngawih, ku itu ku ieu pada ngondang, pada hayang disindenan. Hasilna mucekil… nepi ka bisa dipake modal kawin…!
Lus-lesna grup-grup kasenian degung karasa jeung kasaksian. Aya anu masih keneh ngeureuyeuh, najan ukur bulan kali atawa taun kali, aya nu reup pisan nepi ka hanteuna. Loba gamelan degung anu jadi bangkarak, untungna teh aya anu kungsi dijual heula, najan saterusna teu kapaluruh naha ku nu meulina dipake atawa terus jadi bangkarak deui. Aya anu gamelanana dipusti-pusti, manggungna tara. Cara di pendopo Kabupaten, aya gamelan degung perunggu hade pisan : ukur jadi papaes! Jaga gengsi ulah teuing disebut teu nyunda! Watir, enyaan watir. Mun pareng amprok jeung mantan-mantan pamaen degung, di jalan atawa di mana bae, kasenian degung anu bareto ceuyah jeung jadi kareueus, ayeuna ukur jadi panineungan. Ukur jadi bukur catur yen kapungkur kantos manggung sareng Ibu, reseeep teh…..
Teu rek ngaleuleungit, ayeuna oge masih keneh sok aya nu ngogan dipangnyindenankeun. Hiji dua, bisa diitung ku ramo. Kitu oge grup-grup kasenian anu ngasuhna konsisten ngagarap degung. Di sababaraha sakola anu ngabogaan guru seni karawitan, masih keneh aya ekstrakurikuler ngadegung, bari jeung pamilonna teu loba cara ekstrakurikuler widang sejenna. Nu hirup di sakola-sakola ieu oge teu loba anu manggung ka luar, ukur keur kaperluan kurikuler, manggung teh sataun sakali dina acara kenaikan kelas, mapag tamu atawa upacara adat paturay tineung.
Nu kabandungan ayeuna, grup degung anu masih aya di masarakat, hirupna kawas dirungrum kabingung. Maju kumaha mundur kumaha. Komo ayeuna hiburan teh keur ceuyah ku musik elektone, organ tunggal. Kasenian degung beuki kasedekkeun ka juru nu pangjuruna. Mun aya anu butuh upacara mapag panganten, kakara tah grup degung tampil, kitu ge beres upacara mah kukulun, balik miheulaan. Ka dituna hiburan diteruskeun ku organ tunggal tea.
Bawaning ku bingung jeung hayang tetep hirup, aya di antarana anu nyoba-nyoba survive ku jalan ngeuyeuban waditra degung ku alat musik diatonis, kayaning hitar jeung sapuratina. Malah aya nu ngahaja mawa alat musik elektone. Lucu, da geuning dina prakprakanana mah bet jadi numpang, malah degungna mah kalindih, sabab nu menta lagu karereanana lagu dangdut, lain lagu degung. Ka lagu degung ge geus loba nu teu apaleun judul-judulna acan!
Sanajan asal kemprung, sanajan pangaweruh terbatas, kuring tetep ngajenan kana kakeyeng guru-guru Madrasah Aliyah Talaga, anu sacara konsisten ngasuh barudak nepi ka parigel nabeuh najan ukur catrik jeung kulu-kulu. Teu deuk ditempo situasi jeung kondisi, teu deuk dipikiran korsi pasamoan nu dikulunan, teu deuk ditempo sabaraha kuring dibayar! Nu teges, na ieu hate tumuwuh kareueus, yen kasenin degung masih keneh aya nu mileuleuheungkeun, najan jumlahna ukur hiji dua!
Minangka lagu pamungkas, kuring ngahaleuangkeun lagu Kasenian yasana Mang Koko.

Kasenian miwanda kreasi anyar
Mindeng kamalinaan kuma ceuk ramena pasar
Lagam India senggol Malaya
Dicampur disusun dipirig gamelan Sunda

Sakapeung diibingan, sakapeung dijogedan
Kawih Sunda nyanding musik,
Kawih musik ku gamelan
Pelog jeung salendro nyirorot kurang pasaran

Nu mirig tingparinguk, teu apaleun posisi Bungur. Reres lagu, kuring teu sadar yen korsi di pasamoan geus beres dientep luhureun mobil kol gundul.
Deudeuh teuing degung…. Saha atuh nu lepat…?---


Parungasih, September 2006