Selasa, 04 Mei 2010

DUA SAJAK KURING

Di Wates Langit

di wates langit, pangjajap boa geus tepi
ngawujud sarupaning sasajen jeung do’a-do’a
leueuteun sapurati rasa, nalika harita
jadi udagan saban amprok

iwal ti galecok madungdengkeun pamadegan
urang lawung dina hiji rumpaka
rutinitas isuk jeung beurang jeung sore
jeung peuting nu teu daek tembres

sarta laku sarta lampah sarta kecap
patingkuniang ngirimkeun gambar
sempalan catetan wujudna langgam rumasa
sakeudeung ukur jadi panineungan

di wates langit, pangjajap boa geus tepi
ngawujud sirung luhur pasir bulistir
nu kungsi jadi tatapakan basa
: mun tepi ka pinasti, kurebkeun kuring di dieu…!

Parunggawul, 6 agustus 2006




Ungkara



liwat monitor katara udat-udat renghap
dibarung paringetan tensi nu teu kaur reureuh
ieu nyawa aya dina tungtung selang-selang
pajurawet ibarat areuy panangtu hirup

sakali dua dicatet dina lambaran laporan
unina jentre, itungan menit itungan detik
sarta mun seug datang jiad-jiad panglayad
kecap-kecap wujudna pilakadar pangbeberah

saheulaanan ieu nyawa nyingkahan jarak
antara pati jeung hurip, pasrah lillah
pirang-pirang do’a kapireng ibarat koor panjang
ti unggal munara nongtoreng beja walurat

saksenan ieu raga, saksenan!
harewos kapireng gahar, boa eta teh lagu
telekin ngageuri minuhan rohangan mangsa
harita dina monitor teu katingal deui udat-udat renghap!



Parunggawul, 8 Agustus 2006

Peradaban Sunda, Euy!

Ku NANDANG DARANA

Héraklitos, salah sahiji pilusuf Yunani, boga pakem ngeunaan hirup jeung kahirupan anu katelah pantha rhéi. “Ari kahirupan téh jiga ngagolontorna cai,” kitu ceuk manéhna. “Saha waé jalmana, moal manggihan cai di tempat katut dina waktu anu sarua dua kali.” Ku lantaran kitu, kaayaan hirup ayeuna ogé teu bisa disaruakeun jeung baheula. Kiwari teu bisa dipaksakeun kudu sarua jeung poé isukan atawa jaga. Di dieu bakal ngadatangkeun hiji pananya, naha maké kudu aya istilah ngamumulé budaya karuhun sagala rupa atuh?
Bawirasa, sabenerna mah anu dimaksud ngamumulé téh da lain mibanda harti ngagugulung status quo. Carék paribasa ‘kudu ngindung ka waktu, ngabapa ka jaman’, ngamumulé téh ngandung harti nyokotan ajén-inajén tina warisan karuhun, tuluy diluyukeun jeung kaayaan kiwari. Malah upama perkara ieu bisa dipigawé, tangtuna ogé bakal aya ajén anyar minangka hasil “kolaborasi budaya”. Saterusna, tangtuna téh kabudayaan urang baris mekar tur dinamis. Apan teu sauetik warisan kolot urang anu bisa diala “ruh-na” turta diluyukeun jeung kaayaan jaman kiwari. Asana mah ku cara kieu, kabudayaan Sunda bakal leuwih kawéntar, tur jauhna bisa jadi ageman kahirupan sapopoé. Sajaba ti éta, ‘kolaborasi budaya’ anu baris dipigawé bakal bisa ngaronjatkeun harkat martabat kabudayaan urang Sunda sorangan. Pangpangna mah moal nepi ka jati kasilih ku junti.
Pakaitanana jeung perkara éta, sawatara waktu katukang (22-25 Agustus 2001), kungsi aya hajat rongkah anu dijudulan ‘Konferensi Internasional Budaya Sunda’ (KIBS). Udaganana taya lian pikeun nyawalakeun sagala tarékah anu kudu diihtiaran, dina raraga ngaronjatkeun ajén inajén budaya Sunda. Nurutkeun béja, teu saeutik waragad anu dikaluarkeun pikeun ngawujudkeun éta KIBS téh. Malah teu saeutik, para inohong anu ngaluuhan éta hajat ‘rongkah’. Tapi hanjakal, tepi ka ayeuna, lajuning laku tina acara KIBS téh tacan katingali kalayan natrat. Aya sari-sari keuna kana paribasa ‘geledug…ces’. Pedah waé, dina unggal ngararancang kagiatan, katara semu anu ngabuntut bangkong. Mémang éta ogé aya diantarana kagiatan anu dilaksanakeun, saperti medalna Lalayang Giri Mukti (medal sakali dina sabulan). Tapi upama ditilik tina kacamata ‘ékonomi’ asana éta Lalayang teh teu sabanding jeung gedéna waragad nu dikaluarkeun atawa aweuhan tina KIBS anu..., walaah!
Aya deui kagiatan minangka tuturus KIBS téh, nyaéta ku diadegkeun dua lembaga anu mawa visi jeung misi kasundaan: Pusat Studi Sunda jeung Akademi Jawa Barat. Duanana ngahaja diadegkeun, keur ngamumulé sarta ngaronjatkeun kebudayaan jeung peradaban Sunda. Sakumaha anu kungsi dipedar dina Manglé sawatara waktu kaliwat, éta dua organisasi téh tugasna néangan sagala tarékah anu dianggap perelu pikeun ngaronjatkeun ‘peradaban’ Sunda. Nya kitu deui, gening lakuning gawé éta dua lembaga téh tacan aya hawar-hawarna. Duka kétah upama masih kénéh ngararancang mah.
Kulantarana kitu, kuring rék milu ngaréwong, ku jalan ngasongkeun pamadegan. Tapi najan ngaréwong, mugia teu saukur jadi dogdog pangréwong. Malah sugan jeung sugan, pamadegan kuring téh bisa dipiroséa tur meunang tanggapan anu positif. Kurang leuwih kieu; Lakuning gawé éta dua lembaga jigana hadé lamun dipuseurkeun kana tilu bag-bagan pokok kahirupan: étika, élmu, jeung téknologi. Ari sababna, éta tilu widang téh bisa disebutkeun tutunggulna paradaban. Hartina, maju-mundurna paradaban téh gumantung kana maju-mundurna tilu widang éta. Lamun urang bisa ngaronjatkeun tilu widang éta dina kahirupan sapopoé, tinangtu paradaban urang ogé bakal milu ngaronjat. Nya, dina palebah dieu “kolaborasi budaya” teh dipigawé.
Kabéh ogé meureun geus pada apal. Ari ngahurip-hirupkeun hiji peradaban téh lain pagawean énténg-énténg, anu cukup ku nyeungceurikan warisan luluhur anu kiwari kurang dibéré pangajén bari ngeléléwé –malah ngajejeléh—tradisi anyar nu datangna ti deungun-deungeun. Asa moal maju-maju kebudayaan Sunda, pon kitu deui ku cara kitu mah. Komo deui, bari jeung ditambahan ku kahayang ngahirup-huripkeun peradaban Sunda. Sabab, dina kecap paradaban téh aya lolongkrang pamikiran anu ngawajibkeun saha waé nu icikibung di jerona, geura narangan éangan tarékah pikeun ngaronjatkeun harkat jeung martabat kamanusaan. Ecésna mah, kumaha carana sangkan hirup manusa téh beuki sagala gampang. Ari hirup manusa, apan teu leupas tina bag-bagan étika, élmu, jeung téknologi, lin?
Kulantaran kitu, hayu hurang ngamimitian nalungtik kaayaan urang, kaayaan deunguen-deungeun, tuluy di lelempeng. Mana anu saruana, anu pimaslahateun pikeun kahirupan manusa jeung kamanusaan jaganing pagéto. Tuluyna deui, naon waé nu kapanggih didiskusikeun kalawan daria maké basa Sunda. Kajeun teu make undak-usuk basa ogé, sangkan leuwih loba jalma nu ngaluuhanana. Apan basa Sunda téh hayang jadi basa élmu pangaweruh, lin?***

Pasamoan SOPHiA, 1 Desember 2002