Senin, 29 Februari 2016

TUMBAK BAWA TI KOTA

(Fiksi mini dimuat dina kumpulan Fikmin Cawokah FBS, 2016)

Ti jaman olol lého kénéh kuring sok nyicipta kumaha rasana saré jeroeun kulambu. Kungsi wakca, hayang bareng jeung Ema saré di ranjang nu éta. Nanging jigana mung Bapa nu dipaparin widi. Haté mah mentegeg, Ukur bisa nyérangkeun Bapa lamun seug badé mbo sareng Ema. Mulih ti panyabaan. Cul dudukuy. Rap kana sarung. Semu salsé, udud heula sakedapan. Sabada ngusekkeun kuntung kana asbak, nembé unggah kana ranjang. Rekét. Rekét. Sabot kitu, kuring ngadedempés bari mirengkeun nu keur galuntreng di lebetna.

“Tumbak bawa ti kota, Ema,” saur Bapa semu haroshos.

“Naha congona jiga kaktus, Bapa?” soanten Ema.

“Ih, ngahaja dimonyong-soang-keun.” Bapa gumujeng.

“Mun digepéngkeun atuh. Ulah monyong teuing.”

“Gampang, Ema. Pan aya gégép. Kadieukeun geura…”

Mun seug harita aya éskalator, hayang téh naék terus noong luhureunana. Tapi harita kuring ukur wasa ngawawaas jeung ngalelebah maksud wangkonganana. Sanggeus kuring déwasa, karék ngarti. Tumbak nu dimaksud ku bapa téh horéng : dosol!