Ti jaman olol lého
kénéh kuring sok nyicipta kumaha rasana saré jeroeun kulambu. Kungsi wakca,
hayang bareng jeung Ema saré di ranjang nu éta. Nanging jigana mung Bapa nu
dipaparin widi. Haté mah mentegeg, Ukur bisa nyérangkeun Bapa lamun seug badé
mbo sareng Ema. Mulih ti panyabaan. Cul dudukuy. Rap kana sarung. Semu salsé,
udud heula sakedapan. Sabada ngusekkeun kuntung kana asbak, nembé unggah kana
ranjang. Rekét. Rekét. Sabot kitu, kuring ngadedempés bari mirengkeun nu keur
galuntreng di lebetna.
“Tumbak bawa ti kota,
Ema,” saur Bapa semu haroshos.
“Naha congona jiga
kaktus, Bapa?” soanten Ema.
“Ih, ngahaja
dimonyong-soang-keun.” Bapa gumujeng.
“Mun digepéngkeun
atuh. Ulah monyong teuing.”
“Gampang, Ema. Pan aya
gégép. Kadieukeun geura…”